Senin, 17 Oktober 2022

Kecap Rejekan - Jihan Nurathifah

Nama : Jihan Nurathifah

Prodi : PGSD semester 3

Nim : 218620600030


KECAP REJEKAN

1. Dwi Murni 

  • Isuk – isuk : Isuk-isuk kieu ges kudu berangkat ka sakola
  • Rada - rada : Coba maneh teh ulah sok rada - rada
  • Jalma - jalma : Di Pandeglang mah jalma - jalma na mani saropan
  • Lila - Lila : Ari tangkal dituaran wae lila-lila leweung bakalan gundul
  • Siap - siap : gera siap - siap kapan mah rek berangkat ka sakola
  • Guru - guru : ayeuna guru - guru nuju rapat

2. Dwi lingga

  • Tulas - tulis : Lamun rek tulas - tulis mh di buku bae ulah di tembok 
  • Tual-toel : Naha maneh teh sok tual-toel
  • Buad-baeud : Beungetna mani kuat buad-baed bae
  • Cukat-cokot : Ulah sok cukat - cokot nu Batur
  • luak - Liek : Kunaon maneh luak-lieuk bae titadi nyiaran naon
  • Bulak - balik : Coba maneh cicing ulah bulak - balik bae

3. Dwi purwa
  • Bebeja : lamun rek ka jauh bebeja heula
  • Kokolot : Pa Ujang teh kokolot di Pandeglang 
  • Rarajin : budak teh mani rarajin pisan sakola na
  • Sesengiran : Maneh teh kunaon titadi sesengiran bae
  • Sasapu : Si Risma mani rajin titadi sasapu bae
  • Sosorangan : Lamun Ulin ulah sok sosorangan bae

4. Tri lingga

  • hah-heh-hoh : Si saeri lulumpatan balik ti sakola teh mani hah-heh-hoh kitu
  • brang-breng- brong : Barudak keur arulin mamasakan di saung, sorana kakuping mani brang-breng- brong
  • brag- brig- brug : Sora buah jambu di tukang mani brag- brig- brug, raragagan ka jalan
  • Dar-der-dor : si anggun ngabeledukeun balon sawarana mani dar- der- dor
  • dag-dig-dug : Tadi urang presentasi meni dag-dig-dug
  • brag-brig-brug : lalahunan ulah brag-brig-brug bae

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Tanwirul Millati