Minggu, 25 September 2022

Risma Rahmayanti

Loma

Sedeng

Alus

Kecap


1. Eungap 

Sesek 

Ampeg 

"Kuring teh eungap puguh ge"

"Abdi teh nuju sesek"

"Pak budi oge nuju ampeg saurna mah"

2. Getol 

Kersaan 

Kersaan 

"Meni getol isuk isuk ges nyeboran buruan imah"

"Meni kersaan pak samsul, enjing enjing tos beberes"

"Sanes kersaan-kersaan teuing ie mah, mun piket we"

3.Harti

Hartos

Hartos

"Weleh Kuring ma teu ngarti, enong ujug ujug ambek ka kuring"

"Te kahartos ku Abdi mah, sapatu sakieu saena di ical mirah"

"Sanes bapak bae nu nyebat teu kahartos teh pak usep sareng bu euis oge nyeubatkeun kitu"

4. Incu

Incu 

Putu 

"Resep mereun nya mun kuring geus boga incu"

"Abdi mah tos gaduh incu"

"Bapa teh tos kagungan Putu? itu nya tuang Putu teh?



5.Jelema

Jalmi

Jalmi

" aya naon, Dan di hareup loba jelema?"

" aya naon nya di payun seueur jalmi?"


6. Kapaehan 

Kapidara

Kapidara

"Saha nu Kapaehan teh, Dud?"

"Nu mawi abdi kapidara teh rupina mah, beuteung kosong ngiring olahraga"

"Ti payun oge, waktos bu euis kapidara tea kitu margina teh"


7. Laun

Alon

Alon

"Kuring mah ngomong teh laun, teu bisa tarik cara deden"

"Abdi teh sasanggem teh alon, teu tiasa tarik sapertos pa ujang"

"Sasauran teh meni alon ibu, teu ka kuping ku Abdi mah"


8. Meureun 

Panginten

Panginten

"Can datang bae teh, anu ka Bandung teh hese kendaraan meureun"

"Teu acan sumping anu ka Bandung teh sesah kendaraan panginten" 


9. Ngora 

Anom

Anom

"Kuring mah ngora keneh atuh, can pantes boga pamajikan"

"Abdi mah masih keneh anom atuh, teu acan pantes gaduh pamajikan"

"Anom keneh bu lia sareng bu tati mah"


10. Oleh oleh

Kagegelan, kaemutan

Kagegelan, kaemutan

"Balik nyaba oge kuring mah teu mawa oleh oleh nanaon"

"Wangsul nyaba teh Abdi mah teu ngabantun kagegelan nanaon"

"Ie aya kagegelan ti pun biang kanggo bapa"


11. Penta

Teda, suhunkeun 

Pundut

"Kuring mah rek menta hayam ka mang endin"

"Abdi teh bade nyuhunkeun hayam ka mang Endin"

"Saurna mah pa Maman oge mundut hayam ka mang Endin teh"

12. Risi

Rempan

Rempan

"Kuring mah teu risi najan kudu leumpang di tempat hara haraeun oge"

"Abdi mah teu rempan sanaos kedah leumpang sorangan teh"

"Pa ujang oge saur na mah teu rempan kedah mapah nyalira ka tempat hara haraeun teh"

13. Sagala

Saniskanten

Saniskanten

"Kuring geus nyiapken sagalana, kari prak na digawe"

"Abdi tos nyayogikeun saniskantenna kantun prakna dipidamel"

"Ku pa Asep parantos di sayogikeun saniskantenna kantun prakna dipidamel"

14. Tanggung 

Tanggel

Tanggel

"Soal konsumsina mah di tanggung ku kuring"

"Perkawis konsumsina mah di tanggel ku abdi"

"Perkawis konsumsina mah saurna di tanggel ku bu euis"

15. Useup

Pancing

Pancing

" kuring teh rek nguseup di Saguling"

"Abdi teh bade mancing di Saguling" 

"Pa Asep teh bade mancing di Saguling"

16. Waluya 

Wileujeng

Wileujeng

"Jung arek rek indit, ayeuna mah, sing waluya nya di jalanna"

"Bade angkat ayeuna mah, mangga didoakeun sing wileujeng di jalanna"

17. Yakti 

Yaktos

Yaktos 

"Atuh da enong mah awewe sayakti"

"Abong istri sayaktos ibu mah, binangkit"










Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Tanwirul Millati