Minggu, 25 September 2022

Jihan Nurathifah - Unduk Bahasa

Nama : Jihan nurathifah 

Prodi : PGSD semester 3

Tugas : Membuat unduk bahasa 

No LomaS edeng Alus Kecap 


1.

Era

Isin

Lingsem

"Kuring mah sok era bae ari kudu ngaliwat ka kantor teh"

"Abdi mh sok isin bae Ari Bade ka bumi ibu teh "

"Naha make lingsem sagala"


2. 

 Geulang

Geulang

Pinggel

"Maké geulang, siga awéwé baé manéh mah," 

 "Abdi téh ical geulang kamari," 

"Meni saé pinggel téh, Bu. Di mana ngagaleuhra?"


3.

Harita

Waktos eta

Waktos eta 

"Harita téh kuring mah masih kénéh burey atuh"

 "Waktos éta mah abdi ogé masih kénéh burey atuh"

"Pa Asep ogé sami, alit kénéh waktos éta mah."


4.

Inggis

Rempan 

Rempan

"Kuring mah sok inggis ragrag ari rék tumpak kapal udara téh,"

 "Abdi mah sok ngaraos rempan baé upami mimiosan kana kapal udara téh," 

 "Manawi téh upami nu tos sering mah, tos teu rempan deul," 


5.

Jauh 

Tebih

Tebih

"Jauh mana imah maneh jeung imah Rini?" 

"Tebih mana bumi Pa Kapala Sakola sareng bumi Pa Maman?

 "Tebih kénéh bumi Pa Maman atuh."


6.

Kapilih 

Kapeto

Kaselir

"Kuring téh bungah, bisa kapilih jadi Ketua OSIS," 

"Abdi téh bingah, tiasa kapeto janten Ketua OSIS," 

"Upami Pa Maman kamari téh kaselir janten Pengurus Koperasi Sakola,"


7.

Lila

Lami 

Lami

"Kuring mah sok lila mikirna ari catur téh," 

 "Abdi mah sok lami ngemutna upami catur téh,"

"Bapa mah sok lami ngemutna upami catie tih


8.

Milu

Ngiring 

Ngiring 

"Kuring mah rék milu ka pasar jeung Enong, ah," 

"Abdi mah badé ngiring ka pasar sareng Enong,"

"Ibu badé ngiring ka pasar?"


9.

Nyaho 

Terang 

Uninga

"Kuring mah teu nyaho nu tadi téh lanceukna Enong."

"Abdi mah teu terang nu tadi téh rakana Pa Maman,"

 "Manawi abdi Bapa téh tos uninga wé,"


10.

Ondang

Ulem

Ulem

"Engké diondang ku Rini lamun ulang taun,"

"Engké diulem ku abdi upami ulang taun,"

"Abdi mah teu diulem ku Pa Maman waktos anjeunna nyepitan putrana,"


11.

Penting 

Peryogi 

Peryogi 

"Buku téh penting pisan keur nu sakola mah,"

"Buku téh peryogi pisan kanggo abdi mah."

"Malih kanggo Pa Guru ogé peryogi pisan."


12.

Ripuh

Repot

Repot

"Mun teu dibantuan ku manéh mah, ripuh kuring téh," 

""Upami teu dibantosan ku Dudi mah, répot abdi téh." 

"Pun bapa ogé teu tiasa ngabantosan, margi nuju rarépot ku padamelanana ti kantor,"


13.

Salah 

Lepat 

Lepat 

"Kuring mah ngitung téh salah baé," 

"Abdi mah ngétang téh lepat baé," 

"ibu nu tara lepat ari ngétang téh,".


14.

Tanda

Tawis

Tawis

"leu téh mangrupa tanda katineung kuring ka Enong,"

 "leu téh tawis katineung abdi ka Enong." 

"Saurna mah ieu téh tawis katineung pun bapa ka Pa Maman."


15.

Upama

Upami

Upami 

"Upama kuring salah, hampura wé atuh,"

"Upami abdi nu lepat, hapunten wé atuh," 

"Upami Ibu anu lepat, tangtos ku abdi ogé dihapunten," 


16.

Waktu

Waktos 

Waktos 

"Piknik téa téh urang tangtukeun heula waktuna ayeuna" 

"Piknik téa téh urang tangtoskeun heula waktosna ayeuna


17.

Yakti 

Yaktos 

Yaktos 

"Atuh da Enong mah awéwé sayakti," 

"Abong istri sayaktos Ibu mah, binangkit,"


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Tanwirul Millati