Senin, 24 Oktober 2022

warna kecap (Hamidah)

Nama : Hamidah
Prodi : PGSD semester 3
Mata kuliah : B.sunda

Warna kecap ( jenis kata)
A). Kecap lulugu
1. Kecap barang : (Almenak, Baju, Cai)
1. Almenak kalimatna : (Wah... Almenakna sae pisan.. Isina lengkep sareng gambarna sae)
2. Baju kalimatna : (Teteh mah make baju kebaya nu dibeuli ku indung kuring di toko.
3. Cai kalimatna : (cai laut rasana asin)
2. Kecap pagawean : (Leumpang, indit, sare)
1. Leumpang kalimatna : (Kuring mindeng ningali barudak leumpang ka sakola)
2. Indit kalimatna : (Kuring mindeng indit ngajual sayuran di pasar)
3. Sare kalimatna : (Kuring rek sare ti heula, sabab isukan kuring kudu hudang leuwih isuk)
3. Kecap sipat (herang, bodas, bereum)
1. herang kalimahna : (Cai walungan teh mani herang ngagenclang)
2. bodas kalimahna : (Cet tembok Imah maneh teh mani bodas nyacas)
3. bereum kalimahna : (Warna bajuna mani berem euceuy)
4. Kecap bilangan : (satuan, puluhan, rebuan)
1. Satuan : (Kuring boga pamajikan hiji, anak lima, incu tilu)
2. Puluhan : (Bapa Kuring boga mobil sapuluh)
3. Rebuan : (Poe ieu kuring dagang ngan meunang lima puluh rebu)
B). Kecap pancen
1. Kecap panyambung (Tapi, da, tuluy)
1. Tapi kalimahna : (Rupana mah perenges, tapi ari nyaritana sopan pisan)
2. da kalimahna : (Piraku rek ngompol bae, da geus gede ayeuna mah)
3. tuluy kalimahna : (Sanggeus maca buku, tuluy jaka nulis)
2. Kecap pangantet (Ti, di, ka)
1. Ti kalimahna : (Kuring nungguan anjeun  ti isuk nepi ka beurang)
2. di kalimahna : (Kuring keur maca buku di kelas)
3. ka kalimahna : (Kuring rek indit ka Jakarta isukan)
3. Kecap panambah (Weh, mah, oge)
1. Kalimahna : (Lamun butuh mah kadieu weh.)
2. Kalimahna : (Lamun hayang boga duit mah kudu daek usaha.)
3. Kalimahna : ku urang oge geus dibejaan.
4. Kecap penyeluk (Ey, ih, yu)
1. Kalimahna : (Ey, alim teuing kudu daek ka jalmi kitu)
2. Kalimahna : (Ih, na kedul teh kabina-bina)
3. Kalimahna : (Isuk tas lohor urang nguseup di walungan, yu!)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Tanwirul Millati