Senin, 24 Oktober 2022

kecap warna (Deni Alfiansyah)

Nama DENI ALFIANSYAH
Prodi PGSD

A.Warna kecap :kecap lulugu
1.Kecap barang 
Contoh kalimah

1)   Abdi meuli “baju” dua setel.
2)   Di sakola “meja”na teh tina kayu jati.
3)   “Mobil” Toyota teh jieunan jepang

2.Kecap pagawean
    Contoha kalimah
  
1)   Pun bapa “maca” Koran.
2)   Bibi “ngagoreng” tahu di dapur.
3)   Udin keur “nguseup”di balong


3. Kecap sipat 
     Contoh kalimah
      
1)   Pak ridwan teh mani “galak” pisan .
2)   Budak teh boga hayam nu buluna “bodas”
3)   Abdi boga babaturan mani “balageur “pisan
 
4. Kecap bilangan
     Contoh kalimah
      
1)    Daharna teh ngan ukur “sapiring”leutik.
2)    Duit angsulan “genep lawe”oge mani diitung.
3)    Ema meuli beas “satengah liter”

B.Warna kecap : Kecap Pancen
1. Kecap panyambung 
Contoh kalimah na 
1)    Najan beunghar, “tapi “manehna mah teu sombong.
2)    Manehna leumpang gagancangan, “sangkan “teu kaberangan.
3)    Kuring “jeung “manehna isuk arek indit ka bandung
 
2. Kecap pangantet
Contoh kalimah na
1)    Budi neundeun buku “dina”tasna.
2)    Udin ngala cai “kana “ember.
3)    Din ulin “ka “bandung jeung dulurna.

3. Kecap panambah
Contoh kalimah na
1)    Ari diajar teh “entong “ngedul bisi kaduhung ke jaga.
2)    Abdi rek kawarung “heula “meser minyak.
3)    Moal kadie “meureun”si udin teh

4. Kecap panyeluk
Contoh kalimah na
1)    “Wah, “piraku aya hayam sukuna opat!
2)    “Hore, “abdi ranking kahiji !
3)    “Aduh, “ieu mastaka abdi mani nyeuri

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Tanwirul Millati