Senin, 17 Oktober 2022

KECAP RAJEKAN ( MALA AWALIAH )

 TUGAS KECAP RAJEKAN

Nama  : Mala Awaliah

Prodi   : PGSD 

Semester : 3

Kecap Rajekan

Kecap

Contoh Kalimah

Dwi murni

·       Geulis-geulis

·       Muga-muga

·       Lima-lima

 

·       Mobil-mobil

 

·       Siap-siap

·       Hiji-hiji

·       Awewe di kelas abdi mah geulis-geulis pisan.

·       Muga-muga isukan henteu hujan.

·       Murid nu rek ujian teh asup ka kelas giliran lima-lima.

·       Siti ngalamun nempokeun mobil-mobil di pinggir jalan.

·       Kuring kudu siap-siap kanggo UTS poe senin.

·       Hiji-hiji budak sakola asup ka jero rohang kelasna.

Dwi Purwa

·       Popolotot

 

·       Cacarita

·       Kararasep

·       Kokolot

·       Bebeja

 

·       Tatanya

 

·       Lamun ngomong teh ulah sabari jeung popolotot atuh.

·       Buku eta cacarita tentang dongeng si kancil.

·       Babaturan kuring mah kararasep sadayana.

·       Pak Rudi teh kokolot di kampung kuring.

·       Lamun arek ameng teh kudu bebeja heula ka kolot.

·       Eta jelema teu bosen? Hayoh wae tatanya ti tadi.

Dwi Lingga

·        Pungkal-pengkol


·       Gulak-gileuk


·       Kurah-koreh


·       Tulang-tulung

·       Tumpa-tempo

 

·       Curat-coret

·       Lamun uih sakola teh ka rompok, ulah pungkal-pengkol kamana-mana.

·       Lamun leumpang teh biasa bae ulah gulak-gileuk teu puguh.

·       Kuring neleu hayam keur kurah-koreh di taneuh.

·       Hirup teh kudu silih tulang-tulung ka sasama.

·       Ceuk ibu guru teh, lamun ulangan ulah sok tumpa-tempo ka batur.

·       Nu hade make buku teh ulah di curat-coret ku anu henteu penting.

Trireka

  • Trang-treng-trong

·       Dar-der-dor

 

·       Hah-heh-hoh

 

·       Brag-brig-brug

 

·       Prak-prek-prok

 

 

·       Plak plik pluk

·       Ibu-Ibu rame keur marasak di dapur pedah rek aya hajatan, sorana mani trang-treng-trong.

·       Eta sora barudak anu keur arulin peperangan di lapangan teh mani rame nepi ka dar-der-dor kitu.

·       Si Budi lulumpatan balik ti warung teh mani hah-heh-hoh kitu.

·       Barudak garandeng ari narutupan panto teh, mani kuat brag-brig-brug.

·       Di kelas mani rame budak susurakan bari neprokan leungeun prak-prek-prok, lantaran aya beja guru-guru rek aya rapat.

·       Mang udin keur ngala buah mangga, mangga na raragagan mani plak-plik-pluk ka taneuh.

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Tanwirul Millati