Senin, 26 September 2022

Tugas pendidikan bahasa daerah ( kosa kata E-Z) Loma, sedeng , alus sareng kecap na

 

TUGAS PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

NAMA: NURUL ILMA

PRODI: PGSD SEMESTER 3

Dosen Pengampu: Ibu Ajeng Muliasari, M.Pd

MK: PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

 

Loma

Sedeng

Alus

Kecap

Eungap

sesek

Ampeg

1.      “Kuring teh ker eungap puguh”.

2.      “Dada abdi teh nuju sesak”.

3.      “Pa Maman oge nuju ampeg saurna mah”.

Ganti

Gentos

Gentos

1.      “Karak geh maen satengah jam geus diganti deui”.

2.      “Abdi mah nembe oge maenna, parantos digentos

3.      “Teu sawios-wios ibu, upami engke satengah maen digentos?”.

Hampura

Hampunten

Hamputen

1.      Hampura ka kabehan bisi kuring ngarepotken”.

2.      “Abdi teh hoyong dihampunten ku sadayana bilih gaduh salah”.

3.      “Bapak oge kedah ngahampunten ka abdi”.

Imah

Rorompok

Bumi

1.      “Ari imah Enong jauh teu ti imah maneh”.

2.      “Rorompok abdi the caket ti rorompok Enong”.

3.      Engke sonten upami te aya pambengan abdi bade ka bumi ibu”.

Jawab

Walon

Waler

1.      “Tadi kuring nanya ka maneh meni teu dijawab”.

2.      “Tadi bu euis naros ka abdi, tapi ku abdi teu diwalon”.

3.      “Hampunten we nuju sibuk. Aeh, muhun dupi serat the parantos aya waleranana”.

Kapilih

Kapeto

kaselir

1.      “Kuring teh beungah, bisa kapilih jadi ketua OSIS”.

2.      Abdi teh bingah, tiasa kapeto janten ketua OSIS”.

3.      Upami Pa maman kamari the kaselir janten pengurus koperasi Sakola”

Lain

Lian

Sanes

1.      “Etamah lain buku kuring atuh”.

2.      “Abdi mah teh beda ti nu lian”.

3.      “Upami eta teh sanes buku ibu, buku saha atuh nya”.

Mandi

Mandi

Siram

1.      “Ke, kuring mandi hela ka cai”.

2.      “Antosan sakedap, abdi bade mandi heula”.

3.      “Mangga wae bilih bapak bade siram heula mah”.

Nyaho

Terang

Uninga

1.      “Kuring mah te nyaho carita tadi teh”.

2.      “Abdi mah teu terang nu tadi teh raka na pa maman”.

3.      “Manawi abdi bapak teh tos uninga we”.

Obat

Obat

Landong

1.      “kuring teh rek meuli obat di Apotek Rahayu”.

2.      “Abdi teh bade meser obat diwarung”.

3.      “Mamah nuju ngagaleuh landong di Apotek Rahayu”.

Poho

Hilap

Lali

1.      “kuring teh poho ka maneh”.

2.      “Abdi hilap bade ka rompok na uwa”.

3.      “Ibu guru nyariosnamah lali teu nyandak buku absen murid”.

Rarasaan

Raraosan

Raraosan

1.      “Kuring teh teu ngeunah rarasaan”.

2.      “Abdi teh te raos raraosan”.

3.      “Teu raos raraosan kumaha ibu teh?”.

Sare

Mondok

kulem

1.      “Kuring mah teh mun sare angel ka hudang”.

2.      “Abdi atos gugah tina mondok ti enjing”.

3.      “Pun biang mah kulemna the tara langkung ti tabuh sapuluh”.

Tempo

Tingal

Tingali

1.      “Mata kuring teh ker aya masalah, jadi te nempo mun ti jauh”.

2.      “Ku abdi mah te katingal anjen teh lewat”.

3.      “Mamah oge teu ningali aya anjen teh”.

Ulin

Ulin

Ameng

1.      “Kuring mah hayang ulin ka imah maneh”.

2.      “Abdi mah hoyong ulin ka pantai”.

3.      “Bapak oge palai ameng atuh, wios bapak ngiring?”.

Wawuh

Kenal

Wanoh

1.      “Kuring mah te wawuh kan baturan maneh teh”.

2.      “Abdi mah tara kenal ka nu kitu teh”.

3.      “Urang teh kedah wanoh kana kabudayaan sorangan”.

Yakti

Yaktos

Yaktos

1.      “Atuh da enong mah bikang sayakti”.

2.      Abdi teh ntos leres sayaktos na”.

3.      “Abong istri sayaktos ibu mah, binangkit.”ceuk pa maman ka bu euis”.

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Tanwirul Millati