Minggu, 25 September 2022

Bahasa sunda loma sedeng alus Sareng kecapna tina A sampe Z

 

TUGAS KONSEP DASAR PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

Dosen Pengampu: Ajeng Mulia Sari, M.Pd

 

 

Nama: Hera Fauziah

Prodi: PGSD

Semester: 3

 

LOMA

SEDENG

ALUS

KECAP

Ais

Ais

Emban

“Harita kuring keur ngais adi basa maneh gegeroan teh”.

“Kaleresan abdi nuju ngais pun adi waktos pak asep sumping teh”.

“Bu euis nuju ngamban putrana”.

 

Badag

Ageung

Ageung

“Kamari kuring ngeusep menang lauk badag”.

“Kamari abdi mancing menang lauk ageung”.

Kamari pa mamat mancing kenging lauk angeung”.

Cukur

Paras

Paras

“Kuring teh rek dicukur ka mang aep”.

“Abdi the bade diparas kang mang aep”.

Denge

Kuping

Dangu

“Kuring teh keur ngadengeken radio”.

“Abdi teh nuju ngupingken radio”

“Bu mimin nuju ngadanguken radiao”.

Eungap

Seseg

Ampeg

“Kuring teh keur eungap puguh ge”.

“Abdi the nuju sesek”.

Bapak ge nuju ampeug saurna mah”.

 

Gancang

Enggal

Enggal

“Sep dahar teh mani gancang-gancang teing”.

“siti mah nedana teh da mani enggal atuh”.

“ibu mah lamun nyerat teh meni enggal”.

 

Huntu

Huntu

Waos

“Kuring teh puguh keur nyeri huntu”.

“nu mawi abdi teh nuju nyeri huntu”.

“bapak teh nuju nyeri waos”.

 

Itung

Etang

Etang

Itung deu nu milu piknik teh”.

“ku abdi parantos di etang”.

“bilih abdi kero ngetang na, etang dei bae ku ibu”.

Jual

Ical

Gingsirken

“Kuring teh rek ngajual hayam”.

“nu mana hayang nu rek dijual teh”.

“rini mah bumi sasae-sae diginsirken”.

Kapilih

Kapeto

Kaselir

“kuring teh bungah bisa kapilih jadi ketua OSIS”.

“Abdi teh bungah tiasa kapeto janten ketua OSIS”`

“Pa maman kaselir janten pengurus koprasi sakola”.

Labuh

Labuh

Geubis

“Tadi kuring labuh di lebah pengkolan”.

“Tadi the addi labuh di leresan pengkolan”.

“Kamari pa maman anu geubis”.

Milu

Ngiring

Ngiring

“Kuring mah rek milu ka pasar”.

“abdi mah bade ngiring ka pasar”.

“ibu bade ngiring ka pasar”.

Ngora

Anom

Anom

“’Kuring mah ngora keneh”.

“Abdi mah masih keneh anom atuh”.

Anom keneh bu lia ath sareng bu tati mah”.

Ondang

Ulem

Ulem

“Engke diondang ku nina lamun ulang taun”.

“engke diulem ku abdi upami ulang taun”.

“abdi mah te diulem ku nina”.

Peuting

Wengi

Wengi

“Engke peting kuring rek kaimah maneh”.

“engke wengi abdi bade ka bumi bapak”.

“engke wengi bapa kade angkat ka mana”.

Rupa

Rupi

Rupi

Rupa abdi mah cenah mirip ka indung”.

“upami rupi adi ngala ka bapa”.

“upami rupi pun bapa saurna geh mirip sareng rupi aki”.

 

Sugan

Manawi

Manawi

Sugan pareng, kuring rek kajakarta pageto”.

manawi pareng.abdi the bade ka jakarta pageto”.

Tumpak

Tumpak

Tunggang

“Kamari kuring tumpak kuda”.

“kamari abdi tumpak kuda”.

“pa maman oge tunggang kuda”.

Urut

Tilas

Tilas

“Kumbahan dei piring na atuh ari urut dahar mah”.

“ie teh gelas tilas saha”.

Waktu

Waktos

Waktos

“Tangtuken heula waktuna”.

“tangtuken hela waktosna”.

Yakti

Yaktos

Yaktos

“Atuh da enong mah awewe sayakti”.

“Abong istri sayaktos ibu mah, binangkit”.

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Tanwirul Millati